A. Baca Wacana kalawan gemet!
HOMÉ INDUSTRI ROTAN PLUMBON
Lamun di nagara maju seperti Jepang motor ogé geus jadi homé
industri. Kumaha di Indonésia? Keur di Indonesia hususna di Cirebon homé
industri téh kalolobanna bagerak dina kerajinan
tangan. Kerajinan tangan nu aya di Cirebon memang loba rupana.
Husus di daérah plumbon aya kerajinan anu dikelolana di imah-imah
sewangan-sewangan (homé industri). Bentuk karajinan tangan na téh mangrupa
ngokolakeun rotan (hoe) jadi korsi, meja,
rak baju, wadah seuseuheun, kotak maénan budak, wadah sésérahan kawinan, jrrd.
Saliwatan mah siga nu babari nyien ieu karajinan téh. Sok padahal
ieu karajinan téh memerlikeun kaahlian husus nya éta nganyam hoe geus meunang
nyebitan leutik-leutik. Masarakat satempat kalolobaanan mah nyieun nepi ka jadi
bentuk karajinan. Saterusna disérénkeun ka Bos-bos rotan nu masarkeun ka luar
daérah jeung ka luar negeri.
Kurang-kurangna sabaran mah nganyam rotan téh matak seunggah. Rék
teu kitu kumaha tina sapoé jeput téh paling banter meunang opat siki Karanjang.
Kitu gé karanjang nu bentukna laleutik.
Panghasilan tina ieu karajinan téh teu sabaraha. Tapi bisa pikeun
nyumponan pangabutuh sapopoé di éta lingkungan masarakat. Ceuk salah saurang
pangrajin tamba kesel jeung nganggur di imah cenah.
B. Pilih salah sahiji jawaban nu
dianggap paling bener!
1.
Di Jepang mah nyien motor ogé geus jadi homé industri. Éta kalimah téh aya dina pada ka …
a.
hiji c. tilu
b.
dua d. opat
2.
Karajinan nu dijieun tina rotan nurutkeun wacana di luhur nya éta,
iwal …
a.
korsi c. rak baju
b.
meja d. asbak
3.
Nyienkarajinan tangan tina rotan merlukeun …
a.
kaahlian husus c. kabiasaan husus
b.
kagiatan husus d. kamonésan husus
4.
Tina sapoé jeput pangrajin meunang … karanjang.
a.
dua c. opat
b.
tilu d. lima
5.
Alor sok disebut ogé …
a.
plot c. setting
b.
adegan d. téma
6.
Nu teu kaasup conto kecap pangantét nya éta …
a.
ka, tina, kana c. siga, tepi ka, di
b.
dina, ti, tina d. téh, mah, sih
7.
Di handap seni-seni nu aya di Cirebon, iwal …
a.
sintrén c. tari topéng
b.
kuda lumping d. beluk
8.
Ngajarkeun tembang Sunda ka barudak ayeuna kacida héséna lantaran
…
a.
barudak ngora loba ulin
b.
barudak ngora kurang sumanget kana diajar
c.
barudak ngora ayeuna daya juangna kurang
d.
barudak ngora jarang gadéngékeun / némbangkeun tembang Sunda
9.
Di handap nu teu kaasup kana seni sora nya éta …
a.
tembang Sunda c. rampak sekar
b.
kawih d. tari topéng
10.
Nu dimaksud karangan bahasan téh nya éta …
a.
karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana data jeung
pakta nu bisa dipertanggungjawabkeun.
b.
Karangan anu eusina medar hiji perkara dumasar kana biodata jeung
kabiasaan nu bisa dipertanggungjawabkeun.
c.
Karangan nu eusina ngabahas hiji carita boh piktip atawa non
piktip
d.
Karangan nu eusina ngagambarkeun hiji ajadian.
11.
Sari tina pedaran karangan bahasan disebut ogé …
a.
kacindekan c. pedaran
b.
saran d. bubuka
12.
Manéhna … sarua ngan ukur tamat SD.
a.
ogé c. kieu
b.
baé d. heula
13.
Bakating ku tunduh … manéhna saré dina korsi.
a.
guher c. clak
b.
am d. bius
14.
Dina pelebah ngalapalkeunana dialog drama kudu dibarengan ku …
a.
inprési c. aspirasi
b.
ékspresi d. diréksi
15.
Kalimah nu caritaanana ngandung harti pabales-bales disebut
a.
aktif c. résiprokatif
b.
répléksif d. pasif
16.
Urang kudu loba … diri dina énggoning nyanghareupan kahirupan.
a.
ngaji c. ngajak
b.
ngagasab d. ngarang
17.
Udin silihsimbeuh jeung baturna di walungan. Éta kalimah téh
ngandung kecap …
a.
résiprokatif c. éféktif
b.
répléksif d. intransitif
18.
Ti simkuring hayu urang sasarengan / babarengan beungkeutkeun
hijikeun sumanget urang, pikeun ngamumulé budaya sorangan.
a.
panungtung c. pamungkas
b.
terahir d. pandeuri
19.
Sakitu nu kapihatur tutus langkung kepang halang bobo sapanon
carang Sapakan. Mangrupa bagéan … biantara.
a.
bubuka c. panutup
b.
eusi d. salam bubuka
20.
Ceuk saha di dinya geus euweuh dayang.
Kecap dayang ngandung ma’na pényorasi lantaran….
a.
mana dayang baheula leuwih lega tibatan ayeuna.
b.
harti dayang baheula sok dilandi ka putri, ayeuna mah ka awewé
bangor.
c.
harti dayang baheula sok dilandi ka awewé bangor, ayeuna mah ka
putri.
d.
Harti dayang baheula jeung ayeuna sarua baé.
21.
Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panata calagara. Nu
dimaksud panata calagara nya éta …
a.
pambawa acara c. juri
b.
panitia d. sekrétaris
22.
Nu Pangheulana ditanyakeun dina ngawawancara tokoh nya éta
ngeunaan …
a.
jati diri c. pagawéan
b.
pendidikan d. karier
23.
Pengarang : Yus Rusyana
Penerbit : Depdiknas
Taun
terbit : 1980
Judul
buku : Gemitan Dalam Pendidikan
Tempat
terbit : Bandung
Cara
nulis daftara pustaka tina data di luhur nya éta …
a.
Rusyana, Yus. Dépdiknas.
Gemitan Dalam pendidikan. Bandung. 1980.
b.
Yus, Rusyana. 1980. Gemitan
Dalam Pendidikan. Dépdiknas : Bandung.
c.
Rusyana, Yus. 1980. Gemitan
Dalam pendidikan. Dépdiknas : Bandung.
d.
Yus, Rusyana. 1980. Gemitan
Dalam Pendidikan. Dépdiknas. Bandung.
24.
Pilih nu kaasup pungsi tanda kutip!
a.
pikeun ngapit kalimah cutatan langsung
b.
pikeun pamisah antara ngaran penerbit jeung tempat terbit
c.
digunakeun pikeun nungtungan kalimah parentah
d.
digunakeun pikeun ngarinci bagean-bagean
25.
Mawa budak dina cangkéng istilahna …
a.
gandong c. ais
b.
nglélék d. gembol
26.
Antara lolongkrang
kiceup urang pateteup. Harti dénotatif kecap lolongkrang nya éta …
a.
tempat anu kosong antara dua barang, tangkal atawa waktu
b.
tempat anu heurin usik
c.
jalma nu teu bisa ningali
d.
panon
27.
Asih téh teuing ku wening.
Wening hartina …
a.
séhat c. bersih
b.
kotor d. hérang
28.
Sasaruaan sora nu bisa dititénan boh sacara horizontal atawa
vertikal dina sajak disebut …
a.
ritma c. irama
b.
rima d. asonanasi
29.
Irama nu méré kakuatan sarta bisa ngalantarankeun sumanget, atawa
sabalikna nu ngalantarankeun teu sumanget. Turun naek, gancang laun, tarik
halonna nu ngalantarankeun éta puisi/sajak ngeunah kadéngéna disebut …
a.
ritma c. skétsa
b.
rima d. asonanasi
30.
Ngajak ulin Néng Imas mah matak olok duit. Ningali tukang perhiasan hayang
perhiasan, ningali tukang pakean
hayang pakéan. Kecap ningali ngandung gaya basa …
a.
personipikasi c. asonansi
b.
répétisi d. asosiasi
31.
Berita nu pidanganna leuwih lengkep sarta informasina henteu
saharitaeun disebut …
a.
spotnéws artikel
b.
féatures d. bahasan
32.
Kecap kritik téh asalna tina kecap …
a.
kritikus c. critik
b.
krites d. kritos
33.
Maman : “Tos ningal karangan carpon abdi teu acan,
Dan!”
Dadan : “Atos sae,
mung klimak caritana kirang seru. Upami ahir caritana happy ending mah resep
tah!”
Nu
dikritik dina paguneman di luhur téh nya éta …
a.
jalan carita dina karangan carpon
b.
sétting carita dina karangan carpon
c.
palaku carita dina karangan carpon
d.
tokoh carita dina karangan carpon
34.
Jalma nu teu daék incah jauh ti lembur disebut …
a.
kurung manukeun c. batok kohok
b.
kurung batok d. batok bulu madu
35.
Babasan mah biasana hartina ngandung ma’na …
a.
dénotatif c. sabenerna
b.
konotatif d. kamus
36.
Nulis bewara nu sipatna féatures leuwih … batan nulis spotnéws.
a.
gampang c. hese
b.
babari d. alus
37.
Karajinan tangan atawa naon waé anu dikokolékeunana di imah sok
disebut …
a.
industri badag c. home industri
b.
industri biasa d. industri homé
38.
Warna baju téh koneng.
Bi
ijoh seuri konéng.
Kecap
konéng dina kalimah di luhur ngandung parobahan harti kecap …
a.
asosiasi c. asonansi
b.
péyorasi d. sinestesia
39.
Néng Mila mah budakna amis
budi. Kecap amis dina éta kalimah nuduhkeun indra …
a.
pangrasa c. pangdéngé
b.
paningali d. pangreungeu
40.
Uswatun masihan amplop
ka nu hajatan. Kecap amplop ngandung parobahan harti kecap …
a.
asosiasi c. asonansi
b.
péyorasi d. sinéstésia
atau juga bisa download dari link dibawah ini
jawabannya dimana ya ??
BalasHapuscasino.vip server statistics, credits, server statistics - DRMCD
BalasHapusCasino VIP server statistics, 부산광역 출장샵 credits, server statistics - DRMCD, The 영천 출장샵 casino network statistics are gathered by 문경 출장샵 a number of 의정부 출장마사지 different computer. 경상남도 출장안마