SANGHYANG JEUNG
DANGIANG
Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji-hijina manusa nu
nyegah peperangan, raina nyalira nya éta Batara Kresna. Saéstuna anjeunna
henteu niat nolak gurat-kodrat Hyang Déwata. Ning gara-gara Pandawa jeung
Kurawa bebengkahan, kaayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan
henteu aya eureunna. Panyakit sarakah nerekab ka mana-mana. Tungtungna silih
caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama
lai kaom lemah mah, rahayat leutik cacah kuricakan.
“Kuduna mah Kresna ti heula apal. Tapi buktina bodo
balilu nataku. Teu bisa maca kaayaan alam dunya . Matak ti batan digugat ku
batur, mending ku aing dulur saluhureun. Detik ieu kénéh geura écagkeun éta
gelar batara!” ceuk Baladéwa.
“Hatur pangapunten Kakang Prabu, gelar nu dicangking ku
tuang rai éstuning paparin déwa. Janten teu tiasa diécagkeun kitu baé. Sagala
rupina gumantung ka kersa déwa. Hususna Hyang Otipati Jagatna Batara Guru Raja
Triloka.”
Mun teu kitu buktikeun atuh, yén jelema nu ngaran
Kresna téh enya-enya wawakil déwa di dunya. Saluyu jeung sesebutanana: Sri
Batara Kresna.”
“Dupi carana?”
“Supaya alam dunya tengtrem ayem, dangiang jeung
sanghyang kudu ngahiji!”
“Maksadna?”
“Resi Dorna ulah aya di Astina. Teuing kumaha carana,
sina pindah ka Amarta!”
Ngadangu kasauran ingkang raka Baladéwa, Kresna
ngahuleng sakedapan. Sababaraha kali naros jero manah, walereun anjeunna
nyalira: naha atawa semet kayakinan tuang raka. Tapi boa enya, gerentesna.
Buktina Pandawa jeung Kurawa, hésé pisan diakurkeunana. Mun lain kawas ucing
jeung anjing, lir cai jeung minyak. Moal bisa dihijikeun.
Kitu-kitu émutanana gentos cangcaya. Naon patalina
antara gelar anugrah paradéwa jeungkalakuan paraputuna Bharata. Duanana
masing-masing. Nya kitu deui rupaning kajadian marcapada, kénéh-kénéh kersaning
Jagat Déwata. Paralun gara-gara sanghyang jeung dangiang papisah béda nagara.
“Kumaha Kresna, sanggup atawa henteu? Mun teu sanggup,
geura écagkeun ayeuna kénéh gelar batara,“ tambih dibarung tutunjuk sagala.
“Sanés soal sanggem atanapi henteu. Namung naha leres
pangna alam dunya gétréng harénghéng téh, gara-gara Sanghyang Ismaya (Semar nu
ayana di Karang Tumaritis) jeung Dangiang Dorna (anu aya di Sokalima, Astina)
papisah béda nagara?”
“Tong bulat-beulit, sanggup atawa henteu?”
“Sakali deui pangapunten, rupina tuang rai moal tiasa
nyumponan kapalay salira.”
“Teu nanaon. Ngan sing boga kaéra. Jeung ulah hayang
dipaksa, ayeuna kénéh écagkeun gelar batara ka Kresna. Leuwih hadé Kresna ulah
aya di dunya.”
“Aéh-aéh naha jadi ka dinya léosna, “ saurna, Kresna
kagét ningali Prabu Baladéwa langsung ngagegesek dampal panangan kiwa jeung
tangen.
“Nanaonan Kakang éta téh,” niatna badé ngahalangan laku
rakana. Hanjakal elat, margi tina dampal panangan Prabu Baladéwa, kabujeng
bijil cahaya pikaserabeun. Disusul burinyayna tanda pakarang sakti Nenggala,
sumping nyumponan pangangkir dununganana.
“Keur pamungkas, sanggup atawa henteu, ngahijikeun
sanghyang jeung dangiang?” kituna téh bari nonjokkeun congo Nenggala kana lebah
dada Kresna.
Kantenan Kresna tambih reuwasna. Sageuy anjeunna teu
uninga, kumaha kasaktian Nenggala. Sakilana dilempagkeun, ulah ku katibanan
langsung, sanajan ukur kaliwatan, gunung urug sagara saat. Batu ancur, tatangkalan
rarungkad. Anu mawi mééh sok masihkeun éta pakarang, Prabu Baladéwa
dipeupeujeuhan, sangkan ulah ngagunakeun sadaékna. Tapi pikeun mayunan karaman
jahat, nu teu teurak ku pakarang séjén, Nénggala kakara meunang dipaké.
“Kakang nanaonan ieu téh? Simpen deui. Kumaha mun tuang
rai janten korban!”
“Naon gunana Kresna hirup. Batan diwiwirang ku batur,
dianggap Batara ukur ngaranna, mending dipaéhan ku aing lanceukna. Iwal sanggup
ngahijikeun sanghyang jeung dangiang!”
“Simpen heula pakarangna,” Kresna ngawitan bingung,
kedah kumaha ngalelemah ingkang raka. Rék lumpat ka mana, geus teu aya
kasempetan. Tungtungna, “Kakang ampun Kakang.”
“Jangji heula rék sanggup ngahijikeun sanghyang jeung
dangiang?”
*****
Caturkeun di Jonggring Salaka Kadéwan, Hyang Otipati
Jagatnata, teu kirang-kirang reuwas sareng hariwangna, ngabandungan kalakuan
dua putra Basudéwa.
“Emh … dasar Ki Narayaka (jenengan Baladéwa waktos
tacan sawawa) kalakuan téh, mindel lebeting manahna. Ku anjeunna jol kajudi,
bakal kumaha jadina, saupami Baladéwa ngalaksanakeun niatna, padahal pan tugas
Kresna téh panjang. Di antarana jadi saksi perang Bhatarayuda jaga.”
Sabot kitu katingal aya nu nu sumping, bari celak-celuk
ti jauhna:
“Adi Guru …. Adi Guru … tiwas ….tiwas ….Adi Guru,”
sidik soanten Hyang Narada Kabayan Déwa.
Bagéa Kakang,” Hyang Guru ngabagéakeun nu sumping.
“Moal panjang misaur, naon nu kedah dilakukeun ku Akang
ayeuna?” cenah semu haruhah-haréhoh.
“Buru-buru lungsur ka Marcapada, bilih kabujeng duana
ilang wiwaha. Émut di Kresna aya cakra. Dina kadéséhna piraku teu sami nékadna.
Upami dugi ka kitu, dunya bakal kiamah jadina.”
“Nya éta nu mawi Akang rurusuhan nepangan téh,”
langsung mundut widi seja ngajalankeun tugas, salaku Kabayan Déwa.
Naon nu dipikahariwang ku Batara Guru sareng Narada,
ampir-ampiran ngawujud. Ngaraos kulak canggeum bagja awakna, sasat aya dina
dampal panangan rakana, Kresna kapaksa ngetrukkeun élmuna. Batan jadi caduk
Nenggala, leuwih hadé ngaluarkeun pakarang nu teu kurang saktina, nya éta panah
Cakra Wijaksana. Kumaha onam Nenggala, sakalina dipentangkeun paralun mulang
natambuh.
Malah cakra mah aya langkungna. Ulah sina ngancurkeun
alam du nya, malah alam kadéwataan bisa rata.
“Nyaan Kakang téh rék téga?” sasauranana robih janten
rada kasar. Éta cirina Kresna ngawitan teu kiat nahan amarah.
“Maké teu téga. Jang nanahaon gableg adi nyangking
gelar batara, tapi dipeto sina ngahijikeun sanghyang jeung dangiang baé teu
metu. Pokona titis tulis ti ajali, gurat kodrat ….” cenah teu kebat. Sabab
katingal Kresna nepak dada palih kénca. Sarta harita kénéh alam dunya teu
pupuguh poék mokléng, méméh muncul cahaya gumilang. Disusul aya sora handaruan,
badis tujuh gunung bitu, ditambah sagara bengkah.
Tegas Baladéwa parantos enya nékadna. Matak panangtang
Tuang Rai Sri Batara Kresna, moal rék dipanglumpatkeun. Nénggala siap pisan
dilempagkeun, waktos kadangu soanten Panji Narada:
“Aéh-aéh …. nanaonan Narayaka-Narayana,” saurna,
buru-buru lumungsur ti langit pingpitu.
Abong kasauran déwa, dua satria nu tadina parantos
ilang wiwaha, lir nu saré dihudangkeun. Éling teu sakara-kara.
“Hayoh asupkeun deui éta pakarang!”
Sorot soca Batara Narada, sageuy teu aya matakna.
Duanana kawas munding dicocokan irungna, jol anu manut sakumaha pamundut
Kabayan Déwa. Nenggala jeung Cakra balik deui kana tempatna. Alam dunya katut
eusina teu tulus jadi korban dua gegeman linuhung lungsuran déwa.
“Nanaonan ari manéh Narayaka?” saurna ka Baladéwa.
“Ah, da maksudna gé ukur nyingsieunan,” bébéléhéman.
“Nyingsieunan ngarah naon?”
Baladéwa teu ngawaler. Nya kitu deui Kresna, cekap
tumungkul tawis nyanggakeun sembah hormat. Ongkos teu diwaler. Piraku teuing
harkat déwa, maké teu apal asl-usulna.
“Sanghyang jeung dangiang mémang ngahaja dipisahkeun.
Hartina moal ngalalakon bisa dihijikeun. Atuh ari ngahiji mah, perang
Bhatarayuda téh kana bolay. Da apan gara-gara Aya Dangiang Dorna, Kurawa
ngarasa nguntup kana wewesen para Pandawa. Maranéh nyaho kumaha balukarna upama
Bhatarayuda nepi ka bolay?”
Duanana angger teu
ngawaler. “Lian ti harkat déwa bakal ruksak, kagoréngan bakal leuwih langgeng
ngawasa alam dunya!
Casino Troopers® Profile | Casino Tatsu Tatsu Casino
BalasHapusCasino Troopers have over 20 years max88 experience at 손 풀기 게임 the Tatsu Hotel 카심바 & Casino. The company 10벳 was founded in 1993 and has over 400+ 바카라배팅 games.